Ibu Kiki téh guru kasenian di SMPN 1 KUNINGAN. Salian janten guru kasenian, Ibu Kiki ogé ahli ngalatih tari. Ibu kiki janten ahli ngalatih tari téh lantaran faktor ti sepuhna anu mangrupikeun seniman. Ibu Kiki diarahkeun ku kulawargana pikeun diajar seni dina widang tari. Ibu kiki gaduh sanggar anu diurus nyalira. Alasanna hoyong ngawadahan pangalamanana supados tiasa dibagi ka masyarakat umum.

Ibu Kiki janten palatih tari margi anjeunna katarik ku sadaya guru tari, salian ti eta anjeunna oge katarik ku para tokoh panari. Ibu Kiki ngamimitian karirna salaku palatih ti SMK NEGERI 10 BANDUNG. Ibu Kiki seueur pisan panglaman ngalatih tari dugi ka luar kota, sapertos di Bandung, Cirebon, pangandaran, sareng sababaraha kota di Jawa Barat sanesna, Ibu Kiki oge aktip ngajar tari di sakola-sakola.

Bu Kiki ngawitan Pendidikan seni tarina di SMK 10 BANDUNG, teras anjeunna neraskeun pendidikanna di ISBI (Insitut Seni Budaya Indonesia). Bu Kiki ngawitan ngajar tari nalika PKL di Jatinangor, anjeunna ngajar murangkalih sanggar di jatinangor. Nami sanggar anu dilatih ku Bu Kiki nyaeta sanggar Tari Parikesit.

Nalika Ibu Kiki nyanghareupan murangkalih anu ngagaduhan poténsi anu béda-béda, Ibu Kiki nyayogikeun kelas anu béda-béda. Anjeunna masihan dasar-dasar tari, sareng nalika kamampuanana parantos katingali, Ibu Kiki biasana ngadamel tingkat kasusah gerakan.Teras, Ibu Kiki ngabagi kelompok ka murangkalih anu parantos ahli sareng ngagaduhan poténsi anu sami, supados teu aya anu ketinggalan matéri gerakan nu lumayan sesah.

Dina raraga maham karir sareng kontribusi Ibu Kiki dina widang seni budaya, penting pikeun ningali _rekam jejak_ atikan sareng pangalaman damel anu parantos dilakonan ku anjeunna. Ibu Kiki, saurang guru seni budaya di SMP NEGERI 1 KUNINGAN, parantos nunjukeun dedikasi sareng préstasi anu luar biasa dina ngembangkeun seni tari. Ngaliwatan atikan formal sareng rupi rupi pangalaman damel, anjeunna parentos masihan kontribusi anu signifikan, boh di tingkat lokal, nasional, atanapi internasional. Dihandap ieu ringkesan atikan sareng pangalaman damel Ibu Kiki anu ngagambarkeun lalampahan karir anjeunna anu inspiratif.

*PENDIDIKAN*

2011 – 2014: SMK NEGERI 10 BANDUNG

2014 – 2018: Insitut Seni Budaya Bandung

*PENGALAMAN KERJA*

2012 Mewakili Jawa Barat pada FLS2N tingkat SMK, Yogyakarta

2016 Menari dalam acara penutupan PON XIX, Bandung

2017 Mewakili Indonesia dalam acara Indonesia Street Festival di Toronto, Kanada

2018 Mewakili Indonesia dalam acara The 21st Jinju Masked Dance and Drama Festival, Korea Selatan

2018 Mewakili Jawa Barat pada acara Parade Tari Nusantara ke-372023 Asisten Koreografer Opening Ceremony PORPEMDA Jawa Barat

2023 Asisten Koreografi Rampak Kendang pada Peresmian Stadion, CQB, Obstacl, Shooting Range dan Rumah Sakit STIN

2024 Guru Seni Budaya di SMP NEGERI 1 KUNINGAN