(21/1/2025) Kuningan – Kaping 21 Januari 2025, simkuring nganjang ka Perpustakaan Daerah Kabupaten Kuningan anu aya di Jalan Siliwangi, Purwawinangun. Didinya, simkuring jeung saparakanca  ngawawancara pak Muhammad Fiki selaku padamel Dinas Kearsipan dan Perpustakaan Kabupaten Kuningan bidang perpustakaan.


Perpustakaan anu diresmikan kaping 1 September 2007 ieu nyimpen langkung ti 30.000 buku kalebet buku pangaweruh ilmiah, kamus, sareng novel populér ti 5 taun  katukang. Perpusda ieu  oge aya koleksi buku-buku kolot, salah sahijina nyaéta  buku karangan Edi S. Ekadjati, ahli sejarah asal Kuningan.

Tangtosna, ku seueurna buku-buku anu alus, Perpusda dijadikeun wisata edukasi anu sering didatangan ku rombongan  ti TK, SD, sareng SMP dugi ka rata-rata 50-100 jalmi sadinten. Kanggo ngabagéakeun para pengunjung nu datang, perpustakaan ieu aya 21 pagawe di widang  perpustakaan. 3 urang jadwal  piket sarta sésana  di kantor Dinas Kearsipan. Aya oge pikét sore 2 urang mimiti jam 8 dugi ka 9 sore.


Sarana anu disayogikeun lain ngan ukur kumpulan buku-buku, tapi aya ogé  Diorama / Museum “Saba Kuningan”. Diorama diresmikeun kaping 20 Méi 2024. Ieu  Diorama miboga tujuan pikeun ngawanohkeun sejarah Kota Kuningan ka generasi ngora ti jaman pra-sejarah nepi ka ayeuna. Aya ogé informasi ngeunaan pariwisata, agama, sosial budaya, adat jeung kuliner.


Ayana Perpusda nembongkeun usaha Dinas Kearsipan dan Perpustakaan Kabupaten Kuningan Bidang Perpustakaan
pikeun ngaronjatkeun minat literasi di Kuningan kalayan fasilitas anu nyaman sarta ogé aksés pikeun neuleuman sajarah jeung budaya di Kuningan.