
Dinten Salasa kaping 21 Januari 2025, kelompok abdi (Aliya rahma, Aurora, Ajeng, sareng Razita kelas 8A) ngalaksanakeun wawancara ka narasumber nyaeta bapak Didi anu mangrupakeun salah sahiji tokoh anu damelna dina widang kauangan/perbankan.

Anjeunna nempatan posisi salaku Direktur Operasional di Bank Perekonomian rakyat (BPR) Raksa Wacana Agri Purnama. Bapak Didi teh entos damel salami 4 tahun dina widang kauangan. Sateuacanna Pak Didi the nempuh Pendidikan SMP di SMP 3 Kuningan, dilanjutkeun ka STM 1 Kuningan, saatos eta anjeunna ngalanjutkeun kuliah di Unswagati Fakultas Ekonomi dan Bisnis, Anjeunna lahir dina kaping 31 Juli 1980.

Bank BPR (Bank Perekonomian Rakyat) nyaeta lembaga kauangan perbankan anu ngalaksanakeun kagiatan usaha secara konvensional atanapi dumasar kana prinsip syariah sareng kagiatanana henteu nyayogikeun jasa dina lalu lintas pembayaran. Perbedaan bank BPR jeung bank komersil nyaeta lamun bank komersil mah nyayogikeun jasa dina lalu lintas pembayaran sapertos ngabersihan sareng jual beli mata uang asing, sedengkeun BPR henteu.

Posisi – Posisi padamelan nu aya di BPR nyaeta aya kasir atawa juru bayar, marketing, palayanan nasabah, penjaga, anu bebersih, direktur utama sareng direktur operasional. Padamelan direktur nyaeta ngitung dana nu dihasilkeun, ngalaksanakeun pengelolaan Perusahaan dumasar kana bidang tugas anu ditamgtukeun dina rapat umum, nangtukeun strategi jeung kawijakan di wewengkon nu jadi tanggung jawabna.

Komentar Terbaru